"Aya Cinta Di Pondok Pasantren"
Di hiji pedesaan aya
pasantren, anu namina pasantren Basmala. Lamun lebeut ka ieu pasantren teh,
bakalan meunang mangpaat anu teu biasana. Santri-santrina anu gareulis jeung
karasep, tur pinter kanu maca Al-Qur’an. Tapi, aya hiji santri istri anu sok
janten idamanna kaum adam di eta pasantren teh. Namina Siti Aisha. Manehna teh
sok ngangge cadar, ceunah mah kanggo nutup aoratna.
Dicaritakeun,
anjeunna teh nuju di jalan tos uwih ti pasantren sabari gurung gusuh, terus teh
patubruk sareng pamegeut, duka saha tah! Kieu caritana teh:
Siti Aisha :
“Aduh……….” (buku anu dicepeungna maruragan)
Fahri : “Hapunten neng teu kahaja.”
(sabari mantuan meresan buku anu maruragan)
Siti Aisha :
”Muhun. Teu nanaon.”
Fahri : “Nami neng teh saha?”
Siti Aisha :
“Nami abdi Siti Aisha.” (sabari lumpat da rusuh tea)
Fahri : “Saha namina!!!.........teu
kadangu!.” (balik ngagorowok)
Saatos
kajadian eta teh, Muhammad Fahri masih keneh mikiran, saha istri anu ngangge
cadar teh. Tapi Siti Aisha na mah teu inget-inget acan kana kajadian eta.
Saengges
datang nepi ka imahna. Abah jeung Ummi na ngambeukan Siti.
Siti Aisha :
“Assalamualaikum. Abah… Ummi….”
Abah&Ummi :
“Waalaikumsallam.”
Abah :
“Timana heula atuh, wayah kieu karek balik?”
Ummi :
“Abah jeung Ummi teh hawatir.” (sabari diuk dina korsi)
Siti
Aisha : “Abah, Ummi. Siti teh tadi
di pasantren aya pangajaran tambihan, janten uwihna
rada sonten.”
(ngajelaskeun ku sora laun)
Abah : “Bener eta teh, awasnya lamun
Siti budak Abah anu bageur ngabohong.”
Siti
Aisha : “Lereus Abah, Siti teu
ngabohong.”
Ummi : “Nya tos ayeuna mah, jig Siti
geura istirahat.”
Siti
Aisha : “Nuhun Ummi Abah… Siti ka
kamar heula.” (sabari abus ka kamar)
Isukanana, panon poe
caang, sora hayam dimana-mana, karasa pisan di kampungna teh. Biasana Siti
wayah kieu teh langsung angkat ka pasanteren. Siti ayeuna mah angkat bareng
jeung babaturanana, anu namina Nurul, Anna, jeung Khairunisa. Maranehna sobat
Siti ti leuleutik. Sajajalan opatan eta teh ngalobrol.
Nurul :
“Duh, teu karaosnya arurang teh tos bade lulus ti pasantren, kumaha bade terus
dilanjutkeun ka
sakola anu luhur atanapi bade kawin?”
Siti Aisha :
”Hus, entong mikiran kawin atuh Nurul.”
Anna :
“Enya ih, sakola heula sing bener.”
Kahirunisa :
“Cik lamun Nurul bade kawin atawa sakola anu luhur?” (balik nanya ka Nurul)
Nurul :
“Saur Ummi jeung Abah mah, nurul teh kedah enggal-enggal kawin.”
Siti-Anna-Khairunisa : “Hi..hi..hi” (nyeungseurikeun
Nurul)
Waktu
opatan eta nuju ngalobrol, ojol-ojol aya dua urang kota anu ngadupak Siti
Aisha, namina teh Indah jeung Suci. Buku-buku anu Siti Aisha teh tuluy murag
kanu cai ngeyeumbeung.
Siti Aisha :
“Astagfirullahaladzim.” (sabari labuh jeung nyokot buku-bukuna anu murag)
Indah : “Heh, maneh urang kampung!! Lamun
leumpang teh make panon atuh.” (jeung
mah salah nyentak)
Suci :
“Heueuh, teu baleg pisannya leumpang teh!!!”
Nurul :
“Heh, urang kota! Nya lamun leumpang mah dimana-mana oge make suku, lain
make panon, hih
dasar teu boga otak!” (ngalawan omongan si urang kota)
Siti :
“Atos atuh atos.”
Khairunisa :
“Hayu ah urang ka pasantren weh, teu penting nguruskeun anu kararieu patut
mah.”
Anna :
“Nya ih hayu, tos beurang yeuh, ngke di carekan.”
Siti :
“Hapuntennya, Assalamualaikum.”
Leos
weh, Siti jeung babaturanana teh indit ka pasantren. Tapi, tetep weh urang kota
mah masih keneh ngomongkeun wae.
Indah :
“Ih, meni geleuh da tadi urang kampungnya, meni so’ muslimah make tiung.”
Suci :
“Heueuh ih geleuh urang oge, tapi baelah antepkeun, hayu ah urang leumpang
deui.” (sabari
indit, duka kamana)
Geus
kitu teh aya santri pamegeut ngalewat, nyaeta Fahri jeung si Ahmad, jeung dua urang kota tea nyaeta Indah jeung
Suci.
Indah :
“Eleuh, eta saha??? Meni kasep ciga malaikat.” (melong hokcay)
Suci :
“Heueuh, malaikat pencabut nyawa.”
Indah :
“Ari maneh ningali anu mana, eta anu make kantong biru, anu kasep tea.”
Suci :
“Mana da eweuh anu kasep, ah maneh mah katarak.” (sabari ngalonyeng)
Fahri
jeung si Ahmad teh ngalewat, ka dua urang kota eta. Tapina Indah tetep weh
ningalikeun wae sabari hokcay.
Di
pasantren, pas jam istirahat Siti teh keur sorangan, keur diuk maca buku anu
dipikaresepna dina bangku. Torojol weh datang lalaki anu keur poe harita
ngadupak Siti Aisha. Kabeneran manehna oge sakola pasantren di pasantren
Basmala.
Fahri :
“Assalamualaikum.”
Siti Aisha :
“Waalaikumsallam.”
Fahri :
“Santri di pasantren Basmala?”
Siti Aisha :
“Muhun.” (ngajawab sabari unggeuk)
Fahri :
“Abdi oge santri di pasantren Basmala, kalereusan pisannya. Oh, nya keur itu
abi
teu sangaja nubruk
neng, hapuntennya.”
Siti Aisha :
“Oh, nya muhun. Teu nanaon. Abdi ka kelas ti payun, aya pangajaran deui.
Assalamualaikum.”
Fahri :
‘Waalaikumsallam.”
Saatos
ngobrol, tapina Fahri teu terang saha nami istri anu ngangge cadar teh. Ahirna
Fahri naros ka sobatna nyaeta si Ahmad, anu serba apal. Kabeneran si Ahmad keur
aya di buruan pasantren keur maca buku.
Fahri :
“Assalamualaikum.” (sabari nepak tonggongna si Ahmad)
Ahmad :
“Waalaikumsallam, duh meni ngareuwaskeun wae.”
Fahri :
“Hehehe, hampura atuh sobat.”
Ahmad :
“Aya naon Kang?”
Fahri :
“Hoyong naros, ari nu sok ngangge cadar teh saha namina?”
Ahmad :
“Oh, eta mah si Siti atuh Kang!”
Fahri :
“Oh, Siti namina. Meni asa rada judesnya.”
Ahmad :
“Ah, henteu. Da emang kitu jalmina, saur Ummi jeung Abahna teh entong
cakeut teuing sareng pamegeut.”
Fahri :
“Oh, kitunya. Nuhunnya. Assalamualaikum.” (ujug-ujug lumpat ngaleos)
Ahmad :
“Nya sami-sami. Waalaikumsallam.”
Saminggu
ayeuna Siti teh sok kapikiran, santri pamegeut anu basa eta nubruk manehna.
Siti teh aya rasa hate ka manehna. Tapi Siti mah ngan bisa saukur nyimpen rasa
hatena hungkul. Soalna lamun Abah jeung Ummi na terangeun, Siti teh bisa-bisa
dicarekan. Siti oge sok kabita lamun ningali batur aya anu meunangeun bobogohan
ku Abah jeung Ummi na teh. Tapi ketang, Siti mah ngan hoyong diajar heula anu
leuwih luhur, supaya Abah jeung Ummi na bungah ka Siti.
Tiap
unggal Siti papendak jeung Fahri, Siti sok era. Siti tungkul bae, tapi lamun
nyebat salam ka Siti, ku Siti sok dijawab. Dina hiji poe, pasantren teh teu
keur rame, Siti keur diuk di tempat biasa sabari keur maca buku. Disamperkeun
ku santri pemegeut anu keur itu nubruk Siti.
Fahri :
”Assalamualaikum.”
Siti Aisha :
“Waalaikumsallam.”
Fahri :
“Wios, abdi calik didieu?”
Siti Aisha :
“Mangga.”
Fahri :
“Nuhun (langsung weh Fahri teh diuk) Anjeun teh, santri istri di pasantren ieu
anu ramah pisan anu
janten idaman, anjeun geulis jeung sholeh. Pas waktu awal
papendak anjeun teh, abdi langsung resep ka anjeun.” (didinya
teh Fahri keur
ngungkapkeun rasa
hatena ka Siti Aisha)
Siti Aisha :
“Abdi mah ngan saorang santri pasantren didieu, nuhun kana pujianana. Anjeun
resep ka abdi? Resep
ka abdi teu nanaon, tapi abdi mah sieun lamun caritaan ieu
nepi keun kadangu ku
ceupil Abah sareng Ummi. Abdi teh dilarang entong
cakeut teuing sareng
pamegeut, bisi kunanaon.”
Fahri :
“Muhun, abdi teh resep Ka Neng Siti. Abdi mah bade ngantosan Neng Siti, nepi
ka Neng Siti hoyong
dipersunting ku abdi.”
Siti Aisha :
“Sakitu resepna anjeun ka abdi, nepi ka bade mempersunting. Abdi mah masih
keneh hoyong diajar
nepi luhur. Alim geura kawin.” (sabari cengkat tina tempat
diukna)
Dina
caritaan eta teh, ojol-ojol datang Abah jeung Ummi na. Didinya Siti Aisha
langsung reuwaseun.
Abah :
“Siti!! Abah atos ngadangu sadayana. Lamun Siti resep ka jang Fahri, sok ku
Abah direstuan.
Tapi ngke lamun Siti atos lulus ti pasantren, karek Siti tiasa
narima Fahri.”
Ummi ;
“Lereus saur Abah, Siti kedah lulus heula ti pasantren. Lamun atos lulus sok
Siti
tiasa di persunting ku
jang Fahri.”
Siti Aisha :
“Abah Ummi, nuhun kana restuna. Sabab, Siti oge resep ka Kang Fahri.”
Fahri :
“Lereus eta teh Neng?”
Siti Aisha :
“Muhun Kang.”
Abah :
“Sok jaga Siti nya, jaga ku jang Fahri.”
Ummi :
“Jang Fahri, Ummi ngke nitip Siti nya.”
Fahri ;
“Abah sareng Ummi, entong hawatir. Abdi nyaah pisan ka Neng Siti.”
Saengges
sababaraha taun, Siti jeung babaturana ahirna lulus ti pasantren. Nurul tea anu
sobat tileuleutik geus meunang jodona, tapi anu dua urang nyaeta Anna jeung
Khairunissa mah keur sakola di luar negri. Siti teh geus ditutungguan ku Fahri
nepi ka ayeuna, Fahri ayeuna keur ngalamar Siti. Waktuna Fahri ngucapkeun ucap
Kabul. Babaturan Siti anu diluar negri daratang, rek ningali Siti kawin.
Abah :
“Abdi kawinkeun anak abdi anu namina Siti Aisha binti Kiai H.Fajar Siddiq bin
Hj.Maemunah, jeung ujang Muhammad Fahri
binti Kiai H.Jafar jeung mas
kawin sarta
parangkat alat sholat, jeung duit sajumlah sapuluh juta. Dibayar
lunas.”
Fahri :
“Abdi tarima kawinna Siti Aisha binti Kiai H.Fajar Siddiq bin Hj.Memunah,
jeung mas kawin
sarta parangkat alat sholat, jeung duit sajumlah sapuluh juta.
Dibayar lunas.”
Abah :
“Sah, sadayana, sah………………….!!!”
Jalma rea :
”Sah………….”
Ahirna,
cintana Fahri ka Siti Aisha direstuan ku Abah sareng Ummi. Fahri sareng Siti hirup
bahagia,hirup babarengan salilana. TAMAT!!
Nu Nulis : Seny Indriani