Myspace Marquee Text - http://www.marqueetextlive.com

Selasa, 12 Februari 2013

Naskah Drama Basa Sunda


"Aya Cinta Di Pondok Pasantren"

Di hiji pedesaan aya pasantren, anu namina pasantren Basmala. Lamun lebeut ka ieu pasantren teh, bakalan meunang mangpaat anu teu biasana. Santri-santrina anu gareulis jeung karasep, tur pinter kanu maca Al-Qur’an. Tapi, aya hiji santri istri anu sok janten idamanna kaum adam di eta pasantren teh. Namina Siti Aisha. Manehna teh sok ngangge cadar, ceunah mah kanggo nutup aoratna.
            Dicaritakeun, anjeunna teh nuju di jalan tos uwih ti pasantren sabari gurung gusuh, terus teh patubruk sareng pamegeut, duka saha tah! Kieu caritana teh:

Siti Aisha        : “Aduh……….” (buku anu dicepeungna maruragan)
Fahri                : “Hapunten neng teu kahaja.” (sabari mantuan meresan buku anu maruragan)
Siti Aisha        : ”Muhun. Teu nanaon.”
Fahri                : “Nami neng teh saha?”
Siti Aisha        : “Nami abdi Siti Aisha.” (sabari lumpat da rusuh tea)
Fahri                : “Saha namina!!!.........teu kadangu!.” (balik ngagorowok)

            Saatos kajadian eta teh, Muhammad Fahri masih keneh mikiran, saha istri anu ngangge cadar teh. Tapi Siti Aisha na mah teu inget-inget acan kana kajadian eta.
            Saengges datang nepi ka imahna. Abah jeung Ummi na ngambeukan Siti.

Siti Aisha        : “Assalamualaikum. Abah… Ummi….”
Abah&Ummi  : “Waalaikumsallam.”
Abah               : “Timana heula atuh, wayah kieu karek balik?”
Ummi              : “Abah jeung Ummi teh hawatir.” (sabari diuk dina korsi)
Siti Aisha        : “Abah, Ummi. Siti teh tadi di pasantren aya pangajaran tambihan, janten uwihna     
                           rada sonten.” (ngajelaskeun ku sora laun)
Abah               : “Bener eta teh, awasnya lamun Siti budak Abah anu bageur ngabohong.”
Siti Aisha        : “Lereus Abah, Siti teu ngabohong.”
Ummi              : “Nya tos ayeuna mah, jig Siti geura istirahat.”
Siti Aisha        : “Nuhun Ummi Abah… Siti ka kamar heula.” (sabari abus ka kamar)

Isukanana, panon poe caang, sora hayam dimana-mana, karasa pisan di kampungna teh. Biasana Siti wayah kieu teh langsung angkat ka pasanteren. Siti ayeuna mah angkat bareng jeung babaturanana, anu namina Nurul, Anna, jeung Khairunisa. Maranehna sobat Siti ti leuleutik. Sajajalan opatan eta teh ngalobrol.

Nurul               : “Duh, teu karaosnya arurang teh tos bade lulus ti pasantren, kumaha bade terus
                           dilanjutkeun ka sakola anu luhur atanapi bade kawin?”
Siti Aisha        : ”Hus, entong mikiran kawin atuh Nurul.”
Anna               : “Enya ih, sakola heula sing bener.”
Kahirunisa       : “Cik lamun Nurul bade kawin atawa sakola anu luhur?” (balik nanya ka Nurul)
Nurul               : “Saur Ummi jeung Abah mah, nurul teh kedah enggal-enggal kawin.”
Siti-Anna-Khairunisa : “Hi..hi..hi” (nyeungseurikeun Nurul)

            Waktu opatan eta nuju ngalobrol, ojol-ojol aya dua urang kota anu ngadupak Siti Aisha, namina teh Indah jeung Suci. Buku-buku anu Siti Aisha teh tuluy murag kanu cai ngeyeumbeung.

Siti Aisha        : “Astagfirullahaladzim.” (sabari labuh jeung nyokot buku-bukuna anu murag)
Indah               : “Heh, maneh urang kampung!! Lamun leumpang teh make panon atuh.” (jeung
                           mah salah nyentak)
Suci                 : “Heueuh, teu baleg pisannya leumpang teh!!!”
Nurul               : “Heh, urang kota! Nya lamun leumpang mah dimana-mana oge make suku, lain
                           make panon, hih dasar teu boga otak!” (ngalawan omongan si urang kota)
Siti                   : “Atos atuh atos.”
Khairunisa       : “Hayu ah urang ka pasantren weh, teu penting nguruskeun anu kararieu patut
                            mah.”
Anna               : “Nya ih hayu, tos beurang yeuh, ngke di carekan.”
Siti                   : “Hapuntennya, Assalamualaikum.”

            Leos weh, Siti jeung babaturanana teh indit ka pasantren. Tapi, tetep weh urang kota mah masih keneh ngomongkeun wae.

Indah               : “Ih, meni geleuh da tadi urang kampungnya, meni so’ muslimah make tiung.”
Suci                 : “Heueuh ih geleuh urang oge, tapi baelah antepkeun, hayu ah urang leumpang
                            deui.” (sabari indit, duka kamana)

            Geus kitu teh aya santri pamegeut ngalewat, nyaeta Fahri jeung si Ahmad,  jeung dua urang kota tea nyaeta Indah jeung Suci.

Indah               : “Eleuh, eta saha??? Meni kasep ciga malaikat.” (melong hokcay)
Suci                 : “Heueuh, malaikat pencabut nyawa.”
Indah               : “Ari maneh ningali anu mana, eta anu make kantong biru, anu kasep tea.”
Suci                 : “Mana da eweuh anu kasep, ah maneh mah katarak.” (sabari ngalonyeng)

            Fahri jeung si Ahmad teh ngalewat, ka dua urang kota eta. Tapina Indah tetep weh ningalikeun wae sabari hokcay.
            Di pasantren, pas jam istirahat Siti teh keur sorangan, keur diuk maca buku anu dipikaresepna dina bangku. Torojol weh datang lalaki anu keur poe harita ngadupak Siti Aisha. Kabeneran manehna oge sakola pasantren di pasantren Basmala.

Fahri                : “Assalamualaikum.”
Siti Aisha        : “Waalaikumsallam.”
Fahri                : “Santri di pasantren Basmala?”
Siti Aisha        : “Muhun.” (ngajawab sabari unggeuk)
Fahri                : “Abdi oge santri di pasantren Basmala, kalereusan pisannya. Oh, nya keur itu abi
                           teu sangaja nubruk neng, hapuntennya.”
Siti Aisha        : “Oh, nya muhun. Teu nanaon. Abdi ka kelas ti payun, aya pangajaran deui.
                            Assalamualaikum.”
Fahri                : ‘Waalaikumsallam.”

            Saatos ngobrol, tapina Fahri teu terang saha nami istri anu ngangge cadar teh. Ahirna Fahri naros ka sobatna nyaeta si Ahmad, anu serba apal. Kabeneran si Ahmad keur aya di buruan pasantren keur maca buku.

Fahri                : “Assalamualaikum.” (sabari nepak tonggongna si Ahmad)
Ahmad                        : “Waalaikumsallam, duh meni ngareuwaskeun wae.”
Fahri                : “Hehehe, hampura atuh sobat.”
Ahmad                        : “Aya naon Kang?”
Fahri                : “Hoyong naros, ari nu sok ngangge cadar teh saha namina?”
Ahmad                        : “Oh, eta mah si Siti atuh Kang!”
Fahri                : “Oh, Siti namina. Meni asa rada judesnya.”
Ahmad                        : “Ah, henteu. Da emang kitu jalmina, saur Ummi jeung Abahna teh entong
                            cakeut teuing  sareng pamegeut.”
Fahri                : “Oh, kitunya. Nuhunnya. Assalamualaikum.” (ujug-ujug lumpat ngaleos)
Ahmad                        : “Nya sami-sami. Waalaikumsallam.”

            Saminggu ayeuna Siti teh sok kapikiran, santri pamegeut anu basa eta nubruk manehna. Siti teh aya rasa hate ka manehna. Tapi Siti mah ngan bisa saukur nyimpen rasa hatena hungkul. Soalna lamun Abah jeung Ummi na terangeun, Siti teh bisa-bisa dicarekan. Siti oge sok kabita lamun ningali batur aya anu meunangeun bobogohan ku Abah jeung Ummi na teh. Tapi ketang, Siti mah ngan hoyong diajar heula anu leuwih luhur, supaya Abah jeung Ummi na bungah ka Siti.
            Tiap unggal Siti papendak jeung Fahri, Siti sok era. Siti tungkul bae, tapi lamun nyebat salam ka Siti, ku Siti sok dijawab. Dina hiji poe, pasantren teh teu keur rame, Siti keur diuk di tempat biasa sabari keur maca buku. Disamperkeun ku santri pemegeut anu keur itu nubruk Siti.

Fahri                : ”Assalamualaikum.”
Siti Aisha        : “Waalaikumsallam.”
Fahri                : “Wios, abdi calik didieu?”
Siti Aisha        : “Mangga.”
Fahri                : “Nuhun (langsung weh Fahri teh diuk) Anjeun teh, santri istri di pasantren ieu
                            anu ramah pisan anu janten idaman, anjeun geulis jeung sholeh. Pas waktu awal
                            papendak anjeun  teh, abdi langsung resep ka anjeun.” (didinya teh Fahri keur
                            ngungkapkeun rasa hatena ka Siti Aisha)
Siti Aisha        : “Abdi mah ngan saorang santri pasantren didieu, nuhun kana pujianana. Anjeun
                           resep ka abdi? Resep ka abdi teu nanaon, tapi abdi mah sieun lamun caritaan ieu
                           nepi keun kadangu ku ceupil Abah sareng Ummi. Abdi teh dilarang entong
                           cakeut teuing sareng pamegeut, bisi kunanaon.”
Fahri                : “Muhun, abdi teh resep Ka Neng Siti. Abdi mah bade ngantosan Neng Siti, nepi
                           ka Neng Siti hoyong dipersunting ku abdi.”
Siti Aisha        : “Sakitu resepna anjeun ka abdi, nepi ka bade mempersunting. Abdi mah masih
                            keneh hoyong diajar nepi luhur. Alim geura kawin.” (sabari cengkat tina tempat
                            diukna)

            Dina caritaan eta teh, ojol-ojol datang Abah jeung Ummi na. Didinya Siti Aisha langsung reuwaseun.

Abah               : “Siti!! Abah atos ngadangu sadayana. Lamun Siti resep ka jang Fahri, sok ku
                            Abah direstuan. Tapi ngke lamun Siti atos lulus ti pasantren, karek Siti tiasa
                            narima Fahri.”
Ummi              ; “Lereus saur Abah, Siti kedah lulus heula ti pasantren. Lamun atos lulus sok Siti
                            tiasa di persunting ku jang Fahri.”
Siti Aisha        : “Abah Ummi, nuhun kana restuna. Sabab, Siti oge resep ka Kang Fahri.”
Fahri                : “Lereus eta teh Neng?”
Siti Aisha        : “Muhun Kang.”
Abah               : “Sok jaga Siti nya, jaga ku jang Fahri.”
Ummi              : “Jang Fahri, Ummi ngke nitip Siti nya.”
Fahri                ; “Abah sareng Ummi, entong hawatir. Abdi nyaah pisan ka Neng Siti.”

            Saengges sababaraha taun, Siti jeung babaturana ahirna lulus ti pasantren. Nurul tea anu sobat tileuleutik geus meunang jodona, tapi anu dua urang nyaeta Anna jeung Khairunissa mah keur sakola di luar negri. Siti teh geus ditutungguan ku Fahri nepi ka ayeuna, Fahri ayeuna keur ngalamar Siti. Waktuna Fahri ngucapkeun ucap Kabul. Babaturan Siti anu diluar negri daratang, rek ningali Siti kawin.

Abah               : “Abdi kawinkeun anak abdi anu namina Siti Aisha binti Kiai H.Fajar Siddiq bin
                            Hj.Maemunah, jeung ujang Muhammad Fahri binti Kiai H.Jafar jeung mas
                            kawin sarta parangkat alat sholat, jeung duit sajumlah sapuluh juta. Dibayar
                            lunas.”
Fahri                : “Abdi tarima kawinna Siti Aisha binti Kiai H.Fajar Siddiq bin Hj.Memunah,
                           jeung mas kawin sarta parangkat alat sholat, jeung duit sajumlah sapuluh juta.
                          Dibayar lunas.”
Abah               : “Sah, sadayana, sah………………….!!!”
Jalma rea         : ”Sah………….” 

            Ahirna, cintana Fahri ka Siti Aisha direstuan ku Abah sareng Ummi. Fahri sareng Siti hirup bahagia,hirup babarengan salilana. TAMAT!!

Nu Nulis : Seny Indriani