Myspace Marquee Text - http://www.marqueetextlive.com

Sabtu, 26 Januari 2013

Musikalisasi Puisi


Basa Sunda
Musikalisasi Puisi

Lagu♫ Manuk Dadali~
Cipt. Sambas Mangundikarta

Mesat ngapung luhur jauh di awang-awang
Meberkeun jangjangna bangun taya karingrang
Sukuna ranggaos reujeung pamatukna ngeluk
Ngapak mega bari hiberna tarik nyuruwuk
Saha anu bisa nyusul kana tandangna
Gandang jeung pertentang taya bandingannana
Dipikagimir dipikaserab ku sasama
Taya karempan kasieun leber wawanenna
Manuk Dadali manuk panggagahna
Perlambang sakti Indonesia Jaya
Manuk Dadali pangkakon carana
Resep ngahiji rukun sakabehna
Hirup sauyunan tara pahiri-hiri
Silih pikanyaah teu inggis bela pati
Manuk dadali ngandung siloka sinatria
Keur sakumna Bangsa di Nagara Indonesia


♫♫♫♫♫♫


Sajak
                                                               
Alam dunya
Nempatkeun tandangna
Alam dunya
Jadi saksina

Tuh, tingali langit biru
Dadali wegah ngalaju
Ngabentangkeun jangjangna
Sugan tacan laksana

Taya nu bisa
Ngabandinganana
Teu weleh panggagahna
Nembongkeun karukunan bangsa

Panceug mela bangsa
Moal eleh ku masa
Anu matak sangsara
Nyieun warga nalangsa

Bisa jadi urang teu sadar
Poho lantaran tambelar
Ka Pahlawan anu ngancik ‘na sanubari
Numenang ganjaran tur wangenan

Urang kudu isin
Kana sato anu ngbanggakeun
Bangsa kuat sarta rajin
Basa Pahlawan kaleungiteun

Manuk dadali
Anu ngandung siloka sinatria
Kokohna laju katenggang pati
Ngabela bangsa Indonesia

Manuk dadali
Bajoang keur lemah cai
Kukuna ranggoas
Si manuk pamungkas

Manuk dadali silih pikanyaah
Indonesia jadi endah
Bangsa barungah
Kabehna waregah

Rasana moal aya
Nu bisa hirup sauyunan
Cara dadali saubrukan
Dadali perlambang Nagara


Indonesia Jaya, anu merdeka, anu disahaja!!!

Tidak ada komentar:

Posting Komentar